Sony Xperia L - Ikhtisar aplikasi

background image

Ikhtisar aplikasi

Pake aplikasi Alarm sareng Jam pikeun nyetel sababaraha jinis alarm.

Pake browser web pikeun nganapigasi tur nempo kaca web, ngatur tetengger,

tut ngatur teks sareng gambar.

Pake aplikasi Kalkulator pikeun ngalakukeun peretangan dasar.

Pake aplikasi Almenak pikeun ngalacak acara Anjeun tur ngatur pasini Anjeun.

Pake kamera pikeun nyandak poto tur ngarekam klip video.

Pake aplikasi Kontak pikeun ngatur nomer telepon, alamat surelek tur inpo

sejenna nu berhubungan ka kontak Anjeun.

Akses aplikasi nu tos Anjeun undeur.

Pake aplikasi Surelek pikeun ngirim tur nampa surelek ti akun pribadi sareng

perusahaan.

Pake aplikasi Facebook pikeun ngiringan dina jejaring sosial sareng rerencangan,

anggota kulawargi sareng kolega di sakuliling dunya.

Kotektak tur dengekeun stasiun radio FM.

Pake aplikasi Albeum pikeun nempo jeung ngolah poto sareng video Anjeun.

Pake aplikasi Gmail™ pikeun maca, nyerat tur ngatur talatah surelek.

Teang inpo dina alat Anjeun sareng di web.

Tempo lokasi Anjeun ayeuna, panggihan lokasi nu sejen, tur itung rute make

Google Maps™.

Buka Google Play™ pikeun ngundeur aplikasi haratis sareng nu mayar kanggo

alat anjeun.

122

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

background image

Pake aplikasi Talatahan pikeun ngirim tur nampa talatah teks sareng multimedia.

Pake aplikasi Pilem pikeun muterkeun pilem sareng eusi video sejenna nu

disimpen atawa diundeur ka alat Anjeun. Atawa puter pilem Anjeun dina alat

sejen nu disambungkeun ka jaringan nu sami.

Pake aplikasi "WALKMAN" pikeun ngatur tur muter musik, buku audio sareng

podcast.

Tempo berita sareng ramalan cuaca.

Nelepon ku cara muterkeun nomer sacara manual atawa ku cara make pungsi

pencet pinter.

Teang tempat, contona, restoran sareng kafe.

Pake aplikasi Video Unlimited pikeun nyewa atawa meuli video.

Optimalkeun setelan alat pikeun nyocogkeun ka persaratan Anjeun sorangan.

Pake aplikasi Hangouts™ pikeun chat sareng babaturan sacara online.

Identipikasikeun lagu musik nu Anjeun puterkeun di lingkungan Anjeun, tur

menangkeun inpo artis, albeum sareng inpo sejenna.

Pake aplikasi Pitulung pikeun ngakses rojongan pamake di alat Anjeun. Contona,

anjeun tiasa ngakses Buku pituduh, inpo cara ngungkulan, plus tips sareng trik.

Pake YouTube™ keur ngabagikeun tur nempo video ti sakumna dunya.

Undeur tur pasang aplikasi nu anyar sareng apdet.

Sababaraha aplikasi teu dirojong ku sadaya jaringan sareng/atawa panyadia ladenan di sadaya

wewengkon.

123

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.