Sony Xperia L - Nganggo GPS

background image

Nganggo GPS

Alat anjeun gaduh hiji panampi GPS (Global Positioning System) anu nganggo sinyal

satelit kanggo ngalkulasi lokasi anjeun. Alat anjeun oge ngarojong GLONASS (Global

Navigation Satellite System). Kadua sistem ieu tiasa saling ngalengkepan jeung ngaganti,

upami peryogi, pikeun mastikeun katepatan posisi jeung pangalaman napigasi anu

mulus. Upami anjeun ngaktipkeun GPS, sistem GLONASS oge otomatis diaktipkeun.

Mun anjeun nganggo fitur anu menta panarima GPS pikeun manggihan lokasi Anjeun,

pastikeun Anjeun boga panempoan langit nu cerah.

Ngaktipkeun GPS

1

Sered bar status ka handap, teras ketok .

2

Ketok Ladenan lokasi.

3

Sered geseran di sisi Akses ka lokasi Abdi ka katuhu.

4

Ketok Satuju pikeun ngonpirmasi.

Upami anjeun ngaktipkeun GPS, sistem GLONASS otomatis diaktipkeun.

Meunangkeun kinerja nu pangsaena

Dina pertama Anjeun make GPS bisa jadi butuh 5 nepi ka 10 menit kanggo manggihan

lokasi Anjeun. Pikeun mantuan teangan, pastikeun Anjeun gaduh langit nu bisa ditempo

jernih. Tetep cicing tur ulah nutupan antena GPS (wewengkon nu diwarnaan dina

gambar). Sinyal GPS bisa nembus awan sareng plastik, tapi teu bisa nembus ka objek

padet saperti bangunan sareng gunung. Upami lokasi Anjeun teu kapanggih saatos

sababaraha menit, pindah ka lokasi nu sejenna.

108

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.