Sony Xperia L - Google Maps™‎

background image

Google Maps™

Pake Google Maps™ pikeun ngalacak lokasi anjeun ayeuna, tempo situasi lalu lintas nu-

ayeuna sareng nampa pitunjuk arah nu lengkep ka tujuan anjeun. Samemeh ngalakonan

lalampahan, anjeun bisa ngundeur tur nyimpen peta ka kartu memori anjeun pikeun

ngindarkeun biaya roaming.

Aplikasi Google Maps™ merlukeun pamakean sambungan Internet. Anjeun bisa jadi kudu

mayar bea koneksi data sawaktos anjeun nyambung ke Internet tina alat anjeun. Kontak

operator jaringan anjeun kanggo inpo nu leuwih lengkep. Aplikasi Google Maps™ bisa jadi

henteu sadia di sadaya pasar, nagara atawa wewengkon.

Pikeun make Google Maps™

1

Tina Layar Utama Anjeun, ketok .

2

Panggihan tur ketok Peta.

Upami Anjeun hoyong make Google Maps™, Anjeun kudu ngaktipkeun salah sahiji metode

lokasi nu sadia di handap Setelan > Ladenan lokasi.

Pikeun diajar tentang Google Maps™

Lamun Anjeun make Google Maps™, ketok , terus ketok Pitulung.

Nempoan lokasi rerencangan anjeun make Google Latitude™

Miluan Google Latitude™ pikeun nempo lokasi rerencangan anjeun dina peta sarta

babagi lokasi anjeun jeung inpo nu sejen sareng maranehna.