Sony Xperia L - Nyingkronkeun jeung ladenan Google™‎

background image

Nyingkronkeun jeung ladenan Google™

Singkronkeun alat anjeun jeung rupa-rupa ladenan Google™ meh terus mutahir ti alat

mana wae nu dipake jang muka akun Google™. Contona, nnjeun tiasa nyingkronkeun

kontak, Gmail™ jeung data almenak.

Jang nyetel akun Google™ pikeun singkronisasi

1

Ti Layar Utama anjeun, ketok .

2

Ketok Setelan > Tambahkeun akun > Google.

3

Turutan wizard pandaptaran pikeun nyieun hiji akun Google™, atawa asup mun

anjeun geus boga akun.

4

Cirian kotak centang Cadangan & pulangkeun mun anjeun rek nyieun cadangan

data ka akun Google™ anjeun, terus ketok Salajengna.

5

Ketok akun Google™ anjeun nu karek dijieun, terus ketok item nu rek

disingkronkeun ku anjeun.

Nyingkronkeun akun Google™ ku cara manual

1

Ti Layar Utama, ketok .

2

Ketok Setelan > Google.

3

Ketok akun Google™ nu rek disingkronkeun.

4

Pencet , terus ketok Singkronkeun ayeuna.

Jang mupus akun Google™

1

Ti Layar Utama anjeun, ketok .

2

Ketok Setelan > Google.

3

Ketok akun Google™ nu rek dipupus tina daptar akun ku anjeun.

4

Pencet , terus ketok Pupus akun.

5

Ketok Pupus akun sakali deui jang mastikeun.