Sony Xperia L - Batre

background image

Batre

Ngeusi batre

Batre Anjeun tos dieusi sawareh basa Anjeun meuli alat eta. Bakal butuh sababaraha

menit samemeh ikon batre nembongan di layar basa Anjeun nyambungkeun kabel

carjer ka sumber daya, sapertos liang USB atawa carjer. Anjeun tiasa nganggo alat

Anjeun pas keur di eusi. Ngeusi batre alat Anjeun dina waktos nu lila pisan, contona,

sapeupeuting, moal ngaruksak batre atawa alat.

Batre bakal mimiti dikosongkeun saeutik saatos pinuh dieusian teras dieusian deui saatos

sababaraha lila basa carjer disambungkeun. Ieu kanggo manjangkeun masa pake batre jeung

bakal nyieun status ngeusi batre mintonkeun tingkat dihandap 100 persen.

12

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

background image

Pikeun ngeusi batre alat Anjeun

1

Colokkeun carjer ka sumber daya.

2

Colokkeun ujung nu sejen kabel USB ka carjer (atawa ka port USB dina

komputer).

3

Colokkeun oge ujung kabel sejenna ka liang micro USB dina alat Anjeun, sareng

lambang USB ngahadap ka luhur. LED status batre hurung basa ngeusi batre

dimimitian.

4

Basa LED status batre berwarna hejo, alat tos pinuh dieusi batrena. Pegatkeun

sambungan kabel USB ti alat Anjeun ku cara langsung nyabut kabel eta kaluar.

Pastikeun teu ngabengkokkeun konektor lamun ngaleupakeun kabel ti alat.

Pake carjer sareng kabel USB nu disadiakeun sareng alat pikeun mastikeun ngeusi batre nu

leuwih gancang.

Upami batre tos bener-bener beak eusina, bakal butuh sababaraha menit kanggo LED hurung

saatos Anjeun nyambungkeun kebel carjer ka sumber daya.

Status LED batre

Hejo

Batre tos dieusi pinuh

Beureum ngiceup

Batre lemah

Oranyeu

Batre nuju dieusi. Eusi batre aya di antara lemah sareng pinuh

Mariksa tingkat batre

1

Ti Layar Utama, ketok .

2

Teang terus ketok Setelan > Ihwal telepon > Status > Batre lepel.

Ningkatkeun kamampuan batre

Tips di handap ieu bisa mantuan Anjeun ningkatkeun kamampuan batre:

Sing sering ngeusi batre alat Anjeun. Ieu bakal moal mangaruhan dangka waktu batre.

Ngundeur data ti Internet teh ngabeakkeun daya. Sawaktos Anjeun keur teu make

Internet, Anjeun bisa nyimpen daya kucara nganonaktipkeun sakabeh koneksi data tina

jaringan seluler. Setelan ieu teu nyegah alat Anjeun ti ngalirkeun data liwat jaringan

nirkabel sejenna.

Pareuman sambungan Bluetooth® sareng Wi-Fi® sawaktos Anjeun teu ngabutuhkeun

fitur ieu. Anjeun tiasa ngahurungkeun sareng mareuman leuwih gampang ti panel

Bewara ku cara nyered palang status.

Pake fitur modeu STAMINA sareng Setelan batere lemah pikeun ngurangan

pamakean batre. Anjeun bisa milih mode hemat daya nu paling cocog ka cara Anjeun

make alat Anjeun. Anjeun oge tiasa ngatur setelan kanggo unggal mode hemat daya.

Setel aplikasi singkronisasi Anjeun (nu dipake kanggo nyingkronkeun surelek, almenak

sareng kontak Anjeun) ka nyingkronkeun ku cara manual. Anjeun oge bisa

nyingkronkeun ku cara otomatis, tapi tambahkeun interpal singkronisasina.

Cek menu pamakean batre dina alat Anjeun pikeun ningali aplikasi mana nu make daya

panggedena. Batre Anjeun butuh daya nu leuwih gede sawaktos Anjeun make aplikasi

streaming video sareng musik, sapertos YouTube™. Sababaraha aplikasi nu diundeur ti

Google Play™ oge ngabutuhkeun daya nu leuwih gede.

13

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

background image

Tutup tur kaluar ti aplikasi nu teu Anjeun pake.

Turunkeun tingkat kacaangan pintonan layar.

Pareuman alat Anjeun atawa aktipkeun setelan Modeu pesawat upami Anjeun keur aya

di hiji wewengkon nu taya jangkauan jaringanana. Upami teu kitu, alat Anjeun bakal

terus-terusan nyeken jaringan nu sadia, tur ieu ngabeakkeun daya.

Pake alat handsfree asli Sony™ pikeun ngadengekeun musik. Alat handsfree

ngabutuhkeun daya batre nu saeutik tibatan speaker alat eta sorangan.

Jieun alat Anjeun dina mode sayaga sabisana. Waktu sayaga maksudna waktos salami

alat Anjeun disambungkeun ka jaringan tapi keur teu dipake.

Nonaktipkeun wallpaper langsung.

Ngakses menu pamakean batre

1

Ti Layar Utama, ketok .

2

Teang terus ketok Setelan > Pangaturan daya > Batere kaanggo jang nempo

aplikasi mana nu dipasang nu meakkeun daya batre pangreana.

Make modeu STAMINA

Aktipkeun fitur modeu STAMINA pikeun ngareureuhkeun sambungan Wi-Fi® ,

patalimarga data sareng sababaraha aplikasi nu ngabeakeun daya basa layar Anjeun

keur teu aktip. Basa modeu STAMINA keur aktip, Anjeun masih keneh tiasa nampa

telepon, sareng talatah teks jeung talatah multimedia. Anjeun oge tiasa nyetel daptar

aplikasi pikeun ngidinan sababaraha aplikasi pikeun dijalankeun terus basa layar Anjeun

leur teu aktip. Basa layar jadi aktip deui, sadaya pungsi nu direureuhkeun bakal dihanca.

Pikeun ngaktipkeun modeu STAMINA

1

Sered bar status ka handap, teras ketok .

2

Panggihan tur ketok Pangaturan daya.

3

Sered geseran nu aya di gigir modeu STAMINA ka katuhu, teras ketok Aktipkeu.

nembongan di bar status basa modeu STAMINA diaktipkeun.

Pikeun nganonaktipkeun modeu STAMINA

1

Tina Layar Utama Anjeun, ketok .

2

Panggihan tur ketok Setelan > Pangaturan daya.

3

Toel nu aya di gigir modeu STAMINA.

Pikeun ngarobah setelan kanggo modeu STAMINA

1

Tina Layar Utama Anjeun, ketok .

2

Panggihan tur ketok Setelan > Pangaturan daya.

3

Pikeun muka menu setelan setelan, ketok modeu STAMINA.

4

Tambah atawa hapus aplikasi, sasuai ka nu dipikahoyong.

5

Sawaktos Anjeun geus salse, ketok Rengse.

Merkirakeun waktu sayaga alat Anjeun

Waktu sayaga nuduhkeun jumlah waktu batre tiasa bertahan basa alat Anjeun

disambungkeun ka jaringan tapi teu aktip dipake, contona, pikeun nampa telepon atawa

kanggo nelepon. Modeu STAMINA, basa diaktipkeun, terus-terusan ngaevaluasi waktu

sayaga nu sesa, nu mana bisa pariasi gumantung kana pamakean ka alat Anjeun.

Modeu STAMINA leuwih efektif kanggo manjangkeun waktu sayaga upami Anjeun

ngonci layar alat Anjeun. Upami Anjeun jarang pisan ngonci layar, Anjeun moal bisa

nempo peningkatan dina kinerja batre.

Basa Anjeun make alat Anjeun pertama kalina, waktu sayaga nu diperkirakeun bisa jadi teu

akurat kusabab teu aya riwayat pamakean samemehna pikeun dijadikeun awalan perkiraan.

Pikeun nempo waktu saya nu diperkirakeun

1

Tina Layar Utama Anjeun, ketok .

2

Panggihan tur ketok Setelan > Pangaturan daya.

14

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

background image

Make modeu batre Lemah

Anjeun tiasa ngaktipkeun fiturSetelan batere lemah pikeun ngahemat daya basa level

batre keur saeutik. Fitur ieu mantuan Anjeun pikeun nyaluyukeun setelan kanggo

kacaangan layar, patalimarga data tur pungsi geter supados Anjeun tiasa ngurangan

pamakean batre.

Pikeun ngaktipkeun modeu batre lemah

1

Sered baris status ka handap, teras ketok .

2

Panggihan tur ketok Pangaturan daya.

3

Seret panggeser nu aya di gigiruen Setelan batere lemah ka katuhu.

Pikeun nganonaktipkeun modeu batre Lemah

1

Tina Layar Utama Anjeun, ketok .

2

Panggihan tur ketok Setelan > Pangaturan daya.

3

Toel nu aya di gigir Setelan batere lemah.

Pikeun ngarobah setelan kanggo modeu batre Lemah

1

Tina Layar Utama Anjeun, ketok .

2

Panggihan tur ketok Setelan > Pangaturan daya.

3

Pikeun muka menu setelan setelan, ketok Setelan batere lemah.

4

Saluyukeun setelan sasuai ka nu dipikahoyong.

5

Sawaktos Anjeun geus salse, ketok .