Sony Xperia L - Nransferkeun kontak ka alat anyar Anjeun

background image

Nransferkeun kontak ka alat anyar Anjeun

Aya sababaraha cara pikeun nransferkuen kontak ka alat anyar Anjeun. Pilih hiji metodeu

transper nu pangsaena cocog ka situasi Anjeun.

Nransper kontak make komputer

Xperia™ Transfer sareng Contacts Setup mangrupakeun hiji aplikasi nu aya dina aplikasi

PC Companion sareng Sony™ Bridge for Mac nu mantuan Anjeun ngumpulkeun kontak

ti alat lami Anjeun tur nransperkeun ka alat anyar. Aplikasi ieu ngarojong sababara merek

alat, kaasup iPhone, Samsung, HTC, BlackBerry, LG, Motorola jeung Nokia.

Anjeun butuh:

Komputer nu nyambung ka Internet.

Kabel USB kanggo alat Anjeun nu lami.

Kabel USB kanggo alat Android™ anyar Anjeun.

Alat Anjeun nu lami.

Alat Android™ Anjeun nu anyar.

Make program PC Companion pikeun nransferkeun kontak

Upami Anjeun keur nransferkeun kontak nganggo PC, pake program PC Companion. Ieu

program haratis, jeung payil pamasangan tos disimpen dina alat anyar Anjeun. PC

Companion oge nawiskeun rangkeian fitur sejenna, kaasup oge pitulung pikeun apdet

software alat Anjeun.

Pikeun masang PC Companion

1

Alat anyar: Aktipkeun alat Android™ Anjeun tur sambungkeun ka PC nganggo

kabel USB.

2

Alat anyar: Ketok Pasang pikeun masang PC Companion ka PC Anjeun.

3

Komputer: Upami jendela sembul nembongan pikeun ngabejaan Anjeun tentang

perangkat lunak PC nu sadia, pilih Jalankeun Startme.exe.

4

Komputer: Klik Install pikeun ngamimitian pamasangan teras turutan parentah

pikeun ngerengsekeun pamasangan.

Pikeun nransper kontak ka alat nu anyar nganggo PC Companion

1

Pastikeun PC Companion dipasang dina PC anjeun.

2

Buka program PC Companion dina PC, teras klik Transper Xperia™ atawa

Setelan Kontak teras turutan pitunjuk pikeun nransper kontak anjeun.

Nransferkeun kontak nganggo komputer Apple® Mac®

Kanggo parentah nu wincik tentang kumaha carana pikeun make komputer Apple Mac

pikeun nransfer kontak ti alat Anjeun nu lami, buka Transfer your contacts.

44

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

background image

Nransperkeun kontak nganggo akun singkronisasi

Alat Anjeun bisa dipake sareng akun singkronisasi online terkenal sapertos Google
Sync™, Microsoft

®

Exchange ActiveSync

®

atawa Facebook™. Upami Anjeun tos

nyingkronkeun kontak dina alat Anjeun nu lami atau komputer Anjeun nganggo akun

online, Anjeun tiasa nransfer kontak Anjeun ka alat Anjeun ni anyar nu nganggo akun eta.

Kanggo wincik inpo nu lain tentang singkronisasi, tingal Nyingkronkeun surelek, almenak

sareng kontak perusahaan Anjeun di kaca 105.

Nyingkronkeun kontak ka alat baru anjeun make akun singkronisasi

1

Tina Layar Utama anjeun, ketok , teras ketok .

2

Ketok , teras ketok Setelan> Akun & singkronisasi.

3

Pilih akun nu hayang disinkronkan ka kontak anjeun, teras ketok >

Singkronkeun ayeuna.

Anjeun perlu asup ka akun singkronisasi nu kakait sateuacan nyingkronkeun kontak ka akun

eta.

Nransfer kontak tina kartu SIM

Pikeun ngimpor kontak tina kartu SIM

1

Tina Layar Utama Anjeun, ketok , teras ketok .

2

Pencet , teras ketok Impor kontak > Kartu SIM.

3

Upami Anjeun tos nyetel hiji akun sinkronisasi, Anjeun bisa milih pikeun

nambahkeun kontak kartu SIM dina akun eta. Atawa Anjeun bisa milih ngan make

kontak ieu di alat Anjeun. Pilih pilihan nu Anjeun hoyongkeun.

4

Pikeun ngimpor kontak individual, panggihan tur ketok kontak. Pikeun ngimpor

sadaya kontak, ketok Impor kabeh.

Nransfer kontak tina kartu memori

Ngimpor kontak ti kartu memori

1

Tina Layar Utama anjeun, ketok , teras ketok .

2

Pencet , teras ketok Impor kontak > Kartu SD.

3

Pilih tempat nyimpen kontak anjeun.

4

Pilih payil nu hayang diimpor ku anjeun.

Nampa kontak ti alat sejen

Pikeun nampa data kontak nu dikirim nganggo teknologi Bluetooth™

1

Pastikeun Anjeun tos ngahurungkeun pungsi Bluetooth™ tur alat Anjeun tos

disetel ka bisa ditingali. Upami heunteu, Anjeun teu bisa nampa data tina alat nu

sejen.

2

Sawaktos Anjeun dipenta pikeun ngonfirmasikeun yen Anjeun hoyong nampa payil

eta, ketok Tampa.

3

Sered panel Bewara ka handap tur ketok payil nu Anjeun tampa pikeun ngimpor

data kontak.

Pikeun nampa kontak nu dikirim nganggo ladenan olahtalatah

1

Sawaktos Anjeun nampa hiji talatah teks anyar, talatah multimedia, atawa talatah

surelek, buka talatah eta.

2

Data kontak nu ditampa eta nembongan jadi gagantel vCard. Ketok, atawa toél

jeung tahan payel vCard eta pikeun muka hiji menu jadi Anjeun bisa nyimpen data

kontak eta.

45

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.