Sony Xperia L - Nganggo setelan kamera poto

background image

Nganggo setelan kamera poto

Pikeun nyaluyukeun setelan kamera poto

1

Aktipkeun kamera.

2

Pikeun mintonkeun sadaya setelan, ketok .

3

Pilih setelan nu Anjeun hoyong saluyukeun, teras edit sasuai nu dipikahoyong.

Pikeun ngaluyukeun panel setelan kamera poto

1

Sawaktos kamera dibuka, ketok pikeun nembongkeun sadaya setelan.

2

Toél jeung tahan setelan nu Anjeun hoyong pindahkeun tur séred ka posisi nu

dipikahoyong.

Upami Anjeun nyéred setelan kaluar ti panel setelan, perobahan eta dibatalkeun.

Langlangan setelan kamera poto

Normal

Saluyukeun setelan kamera sacara manual.

Ngarentet

Pake setelan Urutan pikeun nyandak sababaraha poto dina urutan gancang ku cara terus neken

kenop jepret. Anjeun tiasa milih antara tilu kagancangan urutan, anu tingkat resolusina beda-beda,

nyaeta beda ukuran gambar.

Kamera hareup

Pilih kamera hareup upami Anjeun hayang nyandak poto nyalira.

Epek Gambar

Terapkeun efek ka poto.

Pilihan pamandangan

Pake jinis pamandangan nu geus diprogram pikeun nyetel gancang kamera kanggo kaaayaan umum.

Paneguh pamandangan

70

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

background image

Kamera nangtukeun pamandangan mana nu pangcocogna. Ikon pamandangan jeung teks

nembongan basa pamandangan dipilih.

Panorama Sapu

Pake setelan ieu pikeun nyandak poto panoramik nu sudutna gede. Pencet kenop kamera tur

pindahkeun kamera sing ajeg ti hiji sisi ka sisi nu sejen.

Resolusi

Pilih diantara sababaraha ukuran gambar jeung perbandingan aspek saencan nyandak

poto. Poto nu resolusina leuwih gede butuh memori nu leuwih gede.

3264×2448(4:3)

Ukuran gambar 8 megapiksel sareng perbandingan aspek 4:3. Cocog jeung poto nu Anjeun hoyong

tempo dina layar rupek atawa dicitak dina resolusi luhur.

3104×1746(16:9)

Ukuran gambar 5 megapiksel sareng perbandingan aspek 4:3. Cocog jeung poto nu Anjeun hoyong

tempo dina layar rupek atawa dicitak dina resolusi luhur.

1632×1224(4:3)

Ukuran gambar 2 megapiksel sareng perbandingan aspek 4:3. Cocog jeung poto nu Anjeun hoyong

tempo dina layar nu rupek.

1920×1080(16:9)

Ukuran gambar 2 megapiksel sareng perbandingan aspek 16:9. Cocog jeung poto nu Anjeun hoyong

tempo dina layar lega.

640×480(4:3)

Pormat VGA sareng perbandingan aspek 4:3.

Lampu kilat

Pake lampu kilat pikeun nyandak poto sawaktos kondisi pencahyaan kirang atawa

sawaktos teu aya lampu tukang.

Otomatis

Kamera sacara otomatis nangtukeun upami kondisi pencahyaan merlukeun pamakean lampu kilat.

Eusian flash

Pake setelan ieu sawaktos latar tukang leuwih caang ti subyekna. Cara ieu ngaleungitkeun bayangan

hideung nu teu dihoyongkeun.

Pareum

Lampu kilat dipareuman. Kadang-kadang kualitas poto bisa leuwih alus mun teu make lampu kilat,

sanajan dina kondisi reueuk. Nyandak poto tampa lampu kilat butuh leungeun nu ajeg. Anjeuun bisa

make timer-otomatis pikeun nyegah poto nu kabur.

Pangurang panon beurm

Kurangan warna panon nu beureum sawaktos keur nyandak poto.

Pangatur waktu otomatis

Sareng pangatur waktu otomatis Anjeun bisa nyandak poto tanpa kudu nyekel alat. Pake

jang nyandak poto-sorangan, atawa poto grup dimana sakabehna bisa dipoto. Anjeun

oge bisa make pangatur waktu otomatis supados kamera teu oyag lamun keur moto.

Hurung (10 detik)

Setel ka waktu reureuh 10 detik saenggeus kenop kamera dipencet nepi ka poto ngajepret sorangan.

Hurung (2 detik)

Setel ka waktu reureuh 2 detik saenggeus kenop kamera dipencet nepi ka poto ngajepret sorangan.

Pareum

Poto dicandak langsung sanggeus Anjeun mencet kenop kamera.

Smile Shutter™

Pake pungsi smile shutter (pamoto seuri) pikeun nangtukeun jenis seuri nu mana nu

ditangkeup ku kamera samemeh nyandak poto.

71

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

background image

Kagancangan urutan

Pake modeu moto make Kagancangan urutan pikeun nyandak sababaraha poto dina

urutan nu gancang ku cara jari Anjeun terus mencet kenop jepret. Anjeun tiasa milih

antara tilu kagancangan urutan, anu tingkat resolusina beda-beda, nyaeta beda ukuran

gambar.

Buka rusuh

Pake setelan Buka rusuh pikeun muka kamera ti layar nu kakonci. Upami alat aya dina

modeu sare kamera, pencet kenop kamera.

Jalankeun tur potret

Ku cara mencet jeung nahan kenop kamera, poto kahiji dicandak langsung saatos kamera dijalankeun ti

modeu sare.

Jalankeun wungkul (kamera tetep)

Ku cara mencet jeung nahan kenop kamera, kamera poto eta dijalankeun ti modeu sare.

Jalankeun sareng rekam video

Ku cara mencet jeung nahan kenop kamera, video kahiji dicandak langsung saatos kamera video ti

kamera eta dijalankeun ti mode sare.

Jalankeun wungkul (kamera video)

Ku cara mencet jeung nahan kenop kamera, kamera video eta dijalankeun ti modeu sare.

Pareum

Modeu Pokus

Pungsi pokus ngadalikeun bagean mana dina poto nu kudu jelas. Sawaktos pokus

otomatis terus dihurungkeun, kamera bakal terus nyaluyukeun pokus supados

wewengkon nu aya di jero pigura pokus koneng tetep tajem.

Pokus otmts hiji

Kamera sacara otomatis pokus ka subjek nu dipilih. Pokus otomatis terus dihurungkeun. Toel jeung

tahan layar kamera nepi ka pigura pokus warna koneng robah jadi bulao, nuduhkeun yen pokus tos

disetel. Poto dicandak sawaktos Anjeun ngaleupaskeun jari Anjeun.

Deteksi beungeut

Kamera sacara otomatis ngadeteksi nepi ka lima rupa manusa, ditandaan ku pigura nu aya dina layar.

Kamera sacara otomatis pokus ka rupa nu pangdeukeutna. Anjeun oge bisa milih rupa mana nu

dipokuskeun ku cara ngetok rupa eta dina layar. Sawaktos Anjeun ngetok layar kamera, hiji pigura bulao

mintonkeun wajah mana nu dipilih sareng nu dipokuskeun. Deteksi rupa teu bisa dipake kanggo

sakabeh jinis pamandangan. Pokus otomatis terus dihurungkeun.

Toel pokus

Toel area nu husus dina layar kamera pikeun ngeset area pokus. Pokus otomatis dipareuman. Toel

jeung tahan layar kamera nepi ka pigura pokus warna koneng robah jadi bulao, nuduhkeun yen pokus

tos disetel. Poto dicandak sawaktos Anjeun ngaleupaskeun jari Anjeun.

Setelan ieu ngan sadia di mode nyandak poto Normal.

Angka eksposur

Tangtukeun jumlah pencahayaan dina poto nu Anjeun hoyong candak. Nilei nu leuwih gede nuduhkeun

peningkatan jumlah cahaya.

Setelan ieu ngan sadia di mode nyandak poto Normal.

HDR

Pake setelan HDR (High Dynamic Range / Kisaran Dinamik Gede) pikeun moto ngalawan

cahya tukang nu caang pisan atawa di kondisi di mana kontrasna tajam pisan. HDR

mere kompensasi kanggo wincik nu leungit sareng ngahasilkeun gambar nu ngawakilan

wewengkon nu poek sareng nu caang.

Setelan ieu ngan sadia di mode nyandak poto Normal.

72

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

background image

Imbangan bodas

Setelan imbangan bodas nyaluyukeun kasaimbangan warna nurutkeun kondisi

pencahyaan.

Otomatis

Saluyukeun kasaimbangan warna sacara otomatis pikeun nyocogkeun ka kondisi pencahyaan.

Pijer

Saluyukeun kasaimbangan warna kanggo kondisi pencahyaan nu haneut, saperti di handapeun bohlam.

Caang

Saluyukeun kasaimbangan warna kanggo pencahyaan fluoresensi.

Beurang

Saluyukeun kasaimbangan warna kanggo kondisi di luar ruangan nu cerah.

Mendung

Saluyukeun kasaimbangan warna kanggo langit nu berawan.

Setelan ieu ngan sadia di mode nyandak poto Normal.

ISO

Anjeun bisa ngurangan buremna gambar nu disababkeun ku kaayaan atawa gerakan

subjek ku cara ningkatkeun sensitipas ISO.

Otomatis

Setel sensitipitas ISO sacara otomatis.

100

Setel sensitipitas ISO ka 100.

200

Setel sensitipitas ISO ka 200.

400

Setel sensitipitas ISO ka 400.

800

Setel sensitipitas ISO ka 800.

Setelan ieu ngan sadia di modeu nyandak poto Normal.

Pangukuran

Pungsi ieu sacara otomatis nangtukeun paparan nu saimbang-sae ku cara ngukur cahya

nu ngahalangan gambar nu Anjeun hoyong candak.

Tengah

Saluyukeun paparan ka bagean tengah gambar.

Rata-rata

Etang paparan berdasarkeun jumlah cahya dina sakabeh gambar.

Spot

Saluyukeun paparan di bagean gambar nu pangleutikna nu hoyong Anjeun poto.

Setelan ieu ngan sadia di mode nyandak poto Normal.

Panyetabil gambar

Sawaktos nyandak poto, bisa jadi hese nyekel alat sina ajeg. Pangajeg mantuan Anjeun

ku cara nahan gideg leungeun nu panglaunna.

Geotagging

Tag poto sareng wincik tempat Anjeun nyandak poto eta.

Hurung

73

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

background image

Mun geotagging dihurungkeun, kiraan lokasi geograpis ditambahkeun ka poto pas Anjeun moto. Pikeun

nganggo geotagging, Anjeun kedah ngaktipkeun fitur lokasi ti menu Setelan. Kanggo nambahkeun

geotag ka poto, lokasina kudu ditangtukeun heula saencan Anjeun moto. Lokasi Anjeun ditangtukeun

basa nembongan dina layar kamera. Sawaktos alat Anjeun keur neangan posisi Anjeun,
nembongan.

Pareum

Sawaktos geotagging dipareuman, Anjeun teu bisa nempo lokasi di mana Anjeun nyandak poto.

Motret ku noel

Identipikasi wewengkon pokus nu biasa kucara noel layar kamera sareng jari Anjeun.

Poto dicandak langsung saatos Anjeun ngaleupaskeun jari Anjeun. Setelan ieu ngan

manglaku basa modeu pokus disetel ka pokus rampa.

Hurung

Pareum

Sora jepret

Pilih pikeun ngahurungkeun atawa mareumankeun sora jepret basa Anjeun keur

ngarekam video.

Panyimpenan data

Anjeun tiasa milih pikeun nyimpen data Anjeun ka kartu SD nu tiasa dicabut atawa ka

panyimpenan internal alat Anjeun.

Panyimpenan internal

Poto atawa video disimpen ka memori alat Anjeun.

Kartu SD

Poto atawa video disimpen ka kartu SD.