Sony Xperia L - Nganggo kaméra video

background image

Nganggo kaméra video

Pikeun ngarekam video nganggo kenop kamera

1

Aktipkeun kamera.

2

Pikeun ngamimitian ngarekam video, pencet kenop kamera.

3

Pikeun eureun ngarekam, pencet deui kenop kamera eta.

Rekam klip video Anjeun dina arah lansekap pikeun meunangkeun hasil nu pangsaena.

Pikeun ngarekam video ku cara ngetok layar

1

Aktipkeun kamera.

2

Arahkeun kamera ka arah subjek.

3

Ketok pikeun ngamimiti ngarkam.

4

Ketok pikeun eureun ngarekam.

Rekam klip video Anjeun dina arah lansekap pikeun meunangkeun hasil nu pangsaena.

Pikeun muter video nu direkam

1

Aktipkeun kamera.

2

Ketok gambar leutik nu aya di katuhu luhur layar.

3

Sintreuk kenca atawa katuhu pikeun ngotektak sadaya poto sareng payil video.

Video diuningakeun ku .

4

Ketok pikeun muterkeun video.

5

Pikeun eureun muterkeun video, ketok atawa .

74

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

background image

Pikeun mupus video nu direkam

1

Kotektak video nu Anjeun hoyong pupus.

2

Ketok wewengkon kosong ti layar pikeun nyieun nembongan.

3

Ketok .

4

Ketok OKE pikeun ngonpirmasikeun.

Nganggo setelan kamera video

Pikeun nyaluyukeun setelan kamera video

1

Aktipkeun kamera.

2

Ketok salah sahiji ikon setelan dina layar.

3

Pikeun mintonkeun sadaya setelan, ketok .

4

Pilih setelan nu hoyong disaluyukeun, teras jieun perobahan Anjeun.

Pikeun ngaluyukeun panel setelan kamera video

1

Sawaktos kamera video dibuka, ketok pikeun nembongkeun sadaya setelan.

2

Toel jeung tahan setelan nu Anjeun hoyong pindahkeun, teras sered ka posisi nu

dipikahoyong.

Upami Anjeun nyéred setelan kaluar ti panel setelan, perobahan eta dibatalkeun.

Tinjauan setelan kamera video

Pamandangan

Pake fitur Pamandangan pikeun mantuan Anjeun ngeset gancang kamera kanggo

kaayaan umum nganggo pamandangan nu tos-diprogram. Kamera nangtukeun

sababaraha jumlah setelan kanggo Anjeun pikeun nyocogkeun ka pamandangan nu

dipilih, mastikeun video pangsaena nu bisa direkam.

Pareum

Fitur Pamandangan dipareuman jeung bisa ngarekam video sacara manual.

Motret lembut

Pake kanggo shooting video di latar tukang nu lembut.

Lansekap

Pake kanggo video lansekap. Kamera mokuskeun ka objek nu jauh.

Wengi

Sawaktos dihurungkeun, sensitipitas cahya nambahan. Pake dina kondisi cahya nu kirang caang. Video

objek nu keur ngolebat bisa jadi kabur. Tahan leungeun Anjeun sing ajeg, atawa pake pangrojong.

Pareuman modeu peuting lamun kondisi cahaya caang, pikeun ngaalusan kualitas video.

Basisir sareng salju

Pake dina lingkungan nu caang pikeun nyegah hasil video caang teuing.

Olahraga

Pake kanggo ngarekam video objek nu keur ngolebat-gancang. Waktu nampa cahya nu pondok

ngaleutikan gerak nu kabur.

Hajatan

Pake kanggo video di jero ruangan dina lingkungan nu kirang cahayana. Pamandangan ieu nyandak

pencahayaan latar tukang di jero ruangan atawa cahya lilin. Video objek nu keur ngolebat bisa jadi

kabur. Tahan leungeun Anjeun sing ajeg, atawa pake pangrojong.

Resolusi video

Saluyukeun resolusi video kanggo pormat nu beda-beda.

1280×720(16:9)

Pormat HD (Definisi Gede) sareng perbandingan aspek 16:9. 1280×720 piksel.

75

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

background image

864×480(9:5)

Pormat FWVGA sareng perbandingan aspek 9:5.

640×480(4:3)

Pormat VGA sareng perbandingan aspek 4:3.

320×240(4:3)

Pormat QVGA sareng perbandingan aspek 4:3.

176×144(11:9)

Pake pormat ieu pikeun ngarekam video nu tiasa Anjeun kirim ka babaturan liwat MMS.

Waktu rekam kanggo pormat ieu diwatesan supados payil video tiasa pas dina talatah

multimedia.

Cahaya poto

Pake lampu pikeun ngarekam klip video sawaktos kondisi pencahyaan kirang atawa

sawaktos teu aya lampu tukang.

Hurung

Pareum

Kadang-kadang kualitas video bisa leuwih sae tanpa aya cahya, sanajan kondisi pencahyaan kirang.

Pangatur waktu otomatis

Mun make pangatur waktu otomatis Anjeun bisa ngarekam video tanpa kudu nyekel alat.

Pake pangatur waktu otomatis eta pikeun ngarekam video grup dimana sadaya jelema

bisa aya dina video. Anjeun oge bisa make pangatur waktu otomatis pikeun

ngahindarkeun goyangan sawaktos keur ngerekam video.

Hurung (10 detik)

Setel ka waktu reureuh 10 detik sawaktos Anjeun ngetok layar kamera nepi ka video mimiti direkam.

Hurung (2 detik)

Setel ka waktu reureuh 2 detik sawaktos Anjeun ngetok layar kamera nepi ka video mimiti direkam.

Pareum

Video mimiti ngarekam langsung saatos Anjeun ngetok layar kamera.

Buka rusuh

Pake setelan Buka rusuh pikeun muka kamera ti layar nu kakonci. Upami alat aya dina

modeu sare kamera, pencet kenop kamera.

Jalankeun tur potret

Ku cara mencet jeung nahan kenop kamera, poto kahiji dicandak langsung saatos kamera dijalankeun ti

modeu sare.

Jalankeun wungkul (kamera tetep)

Ku cara mencet jeung nahan kenop kamera, kamera poto eta dijalankeun ti modeu sare.

Jalankeun sareng rekam video

Ku cara mencet jeung nahan kenop kamera, video kahiji dicandak langsung saatos kamera video ti

kamera eta dijalankeun ti mode sare.

Jalankeun wungkul (kamera video)

Ku cara mencet jeung nahan kenop kamera, kamera video eta dijalankeun ti modeu sare.

Pareum

Modeu Pokus

Pokus ngadalikeun bagean mana dina video nu kudu jelas. Sawaktos pokus otomatis

terus dihurungkeun, kamera bakal terus nyaluyukeun pokus supados wewengkon nu aya

di jero pigura pokus bodas tetep tajem.

76

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

background image

Pokus otmts hiji

Kamera sacara otomatis pokus ka subjek nu dipilih. Pokus otomatis terus dihurungkeun.

Deteksi beungeut

Kamera sacara otomatis ngadeteksi nepi ka lima rupa manusa, ditandaan ku pigura nu aya dina layaran.

Kamera sacara otomatis pokus ka rupa nu pangdeukeutna. Anjeun oge bisa milih rupa mana nu

dipokuskeun ku cara ngetok rupa eta dina layar. Sawaktos Anjeun ngetok layar kamera, hiji pigura hejo

mintonkeun wajah mana nu dipilih sareng nu dipokuskeun. Deteksi rupa teu bisa dipake kanggo

sakabeh jinis pamandangan. Pokus otomatis terus dihurungkeun.

Angka eksposur

Setelan ieu ngidinan Anjeun pikeun nangtukeun jumlah cahaya dina layar nu Anjeun keur poto. Nilei nu

leuwih gede nuduhkeun peningkatan jumlah cahaya.

Imbangan bodas

Setelan imbangan bodas nyaluyukeun kasaimbangan warna nurutkeun kondisi

pencahyaan.

Otomatis

Saluyukeun kasaimbangan warna sacara otomatis ka kondisi pencahyaan.

Pijer

Saluyukeun kasaimbangan warna kanggo kondisi pencahyaan nu haneut, saperti di handapeun bohlam.

Caang

Saluyukeun kasaimbangan warna kanggo pencahyaan fluoresensi.

Beurang

Saluyukeun kasaimbangan warna kanggo kondisi di luar ruangan nu cerah.

Mendung

Saluyukeun kasaimbangan warna kanggo langit nu berawan.

Pangukuran

Pungsi ieu sacara otomatis nangtukeun paparan nu saimbang-sae ku cara ngukur cahya

nu ngahalangan gambar nu Anjeun hoyong candak.

Tengah

Saluyukeun paparan ka bagean tengah gambar.

Rata-rata

Etang paparan kalkulasi berdasarkeun jumlah cahya dina sakabeh gambar.

Spot

Saluyukeun paparan di bagean pangleutikna ti gambar nu hoyong Anjeun poto.

Panyetabil gambar

Sawaktos keur ngarekam video, bisa jadi sesah nyekel alat sina ajeg. Pangajeg mantuan

Anjeun ku cara nahan gideg leungeun nu panglaunna.

Geotagging

Tag poto sareng wincik tempat Anjeun nyandak poto eta.

Hurung

Mun geotagging dihurungkeun, kiraan lokasi geograpis ditambahkeun ka poto pas Anjeun moto. Pikeun

nganggo geotagging, Anjeun kedah ngaktipkeun fitur lokasi ti menu Setelan. Kanggo nambahkeun

geotag ka poto, lokasina kudu ditangtukeun heula saencan Anjeun moto. Lokasi Anjeun ditangtukeun

basa nembongan dina layar kamera. Sawaktos alat Anjeun keur neangan posisi Anjeun,
nembongan.

Pareum

Sawaktos geotagging dipareuman, Anjeun teu bisa nempo lokasi di mana Anjeun nyandak poto.

77

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

background image

Mikropon

Pilih lamun bade nyandak sora sakuliling basa keur ngerekam video.

Motret ku noel

Identipikasi wewengkon pokus nu biasa kucara noel layar kamera sareng jari Anjeun.

Poto dicandak langsung saatos Anjeun ngaleupaskeun jari Anjeun. Setelan ieu ngan

manglaku basa modeu pokus disetel ka pokus rampa.

Hurung

Pareum

Sora jepret

Pilih pikeun ngahurungkeun atawa mareumankeun sora jepret basa Anjeun keur

ngarekam video.

Panyimpenan data

Anjeun tiasa milih pikeun nyimpen data Anjeun ka kartu SD nu tiasa dicabut atawa ka

panyimpenan internal alat Anjeun.

Panyimpenan internal

Poto atawa video disimpen ka memori alat Anjeun.

Kartu SD

Poto atawa video disimpen ka kartu SD.

78

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.